[Karya Guru] Saparan: Panyinglar nu Lahir di Bulan Sapar

Oleh: Sandri Sandiansyah, M.Pd. (Guru Bahasa Sunda)

Bubuka

Dina esan-enasna mah kebudayaan téh minangka gawé mikir pikeun mertahankeun hirupna. Anapon mekarna alam pikiran manusa téh dipangaruhan ku kaayaan ékologi alam di mana manéhna dilahirkeun.1 Nilik kana éta hal tangtu unggal sélér miboga kebudayaan nu béda-béda. Malah lain baé unggal sélér, tapi unggal daérah ogé béda-béda. Éta hal patali jeung ékologi alam nu nyampak di éta daérah, tur saperti kumaha cara mikir manusa dina “ngamangpaatkeun” alam nu nyampak pikeun kahirupanana.

Tapi nu ngaranna kebudayaan sifatna teu mutlak, dina harti ngalaman parobahan. Malah sakapeung mah robahna téh dipangaruhan ku kebudayaan séjén nu asup. Parobahan téh bisa waé alatan patepungna kebudayaan antara kelompok atawa nagara ku cara maksakeun (penjajahan fisik) jeung dimanggakeun (penjajahan psikis). Conto kahiji, antar karajaan pajajaran (Sunda) jeung karajaan Mataram (Jawa). Najan tacan jinek pangperangan nu saperti kumaha, tapi pangaruh budaya Mataram (jawa) ka masarakat Sunda téh tepi kiwari karasa kénéh. conto kadua, nyaéta, asupna kebudayaan islam ka masarakat Sunda (dimanggakeun) anu dibawa ku urang Arab jeung Persia.

Pangaruh asupna Islam ka masarakat Sunda téh teu ukur mangaruhan kana pasualan kapercayaan jeung ageman, tapi ogé mangaruhan kana pasualan sosial, basa, jeung sastra. Mung, perlu dicatet yén éta pangaruh téh teu sagemblengna ngarobah kana kebudayaan masarakat Sunda. Malah témbong aya tarékah pikeun “ngawinkeun” antara kebudayaan nu anyar datang jeung kebudayaan nu aya saméméhna. Salah sahiji contona dina bagbagan ritual, sebut baé saparan. Ari anu jadi pedaran dina ieu tulisan téh, kagiatan saparan nu dilakonan ku masarakat Bandung anu pernahna di Désa Geger Kalon Rt 04/Rw 05 Kacamatan Sukasari Kota Bandung.

1 Sumardjo, Jakob. 2009. Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda Tafsir-Tafsir Pantun Sunda. Bandung: Kelir.

Sapar jeung Mitos Kapercayaan2

Sawatara masarakat nu percaya kana mitos bulan sapar nganggap yén dina ieu bulan téh teu dimeunangkeun ngayakeun kariaan, kayaning nikahan atawa hitanan. Ari anu jadi sabab lantaran maranéhna percaya yén dina bulan sapar mah réa mamalana, di antarana:

  1. Tiiseun Usaha

Wuwuh matak béda di sawatara daérah mah, mun bulan Rayagung datang téh sasatna réa acara hajatan, boh éta nyepitan, boh éta nikahan. Tapi, éta kaayaan téh éstu béda mun di bulan sapar mah. Janur kuning, nu dina bulan Rayagung mah ngarungkung di gang-gang atawa di unggal jalan, bet dina bulan sapar mah méh langka. Cék sawatara masarakat nu percaya mah, nikah dibulan sapar téh matak ngadatangkeun mamala, saperti moal lana jeung moal boga turunan. Hal éta téh diwuwuhan ku kapercayaan lianna anu nyebutkeun yén bulan sapar téh bulan kawin anjing. Ku ayana éta kaayaan téh, matak mangaruhan kana pasualan ékonomi. Lantaran di bulan sapar réa pangusaha nu tiiseun usaha.

  1. Bulan Balai

Salian ti tiisieun usaha, bulan sapar ogé minangka bulan balai. Sawatara masarakat percaya yén dina bulan sapar turun 70.000 kasakit pikeun sataun kahareup. Kawantuh ieu kapercayaan téh diwuwuhan ku ayana carita ti sajarah masarakat baheula, nu dilebuhkeun di bulan sapar. Contona baé kaum ‘Aad jeung Tsamud.

Disawatara daérah mah anu disebut saparan téh sok dipatalikeun jeung kagiatan anu dimaksudkeun pikeun ngusir balai atawa mamala. Mung perkara ngaranna sakapeung mah béda-béda, contona di masarakat Jawa Timur, anu leuwih wanoh ku istilah rebo wekasan, di Yogyakarta jeung Jawa Tengah dipiwanoh rebo pungkasan, sedeng di masarakat Banten istilahna téh rebo kasan, aya deui anu nyebutna téh cukup ku saparan. Tapi, sok sanajan ngaranna béda-béda, ari maksudna mah sarua baé, pikeun nyingkahan balai atawa mamala.

2 Ieu sumber dicutat tina http://ishlahuddin.wordpress.com/2010/01/14/bulan-safar-antara-mitos-dan- realitas-2/

Nurutkeun Sarjana Belanda, Pyer dina bukuna “Beberapa Aspek Tentang Sejarah Indonesia Abad ke-19, ngécékeun yén saprak awal abad ka-17, ieu tradisi téh geus tumuwuh di masarakat muslim, husuna mah di Acéh, Sumatera Barat, jeung Jawa. Misalna waé di masarakat Cirebon, anu percaya yén ritual rebo pungkasan téh taratas ku Sunan Kalijaga jeung diluyuan ku Sunan Gunung Jati. Ieu hal téh dimitian tina peristiwa diéksekusina Syékh Lemah Abang/Syékh Siti Jenar di Masjid Agung Cirebon lantaran geus nyebarkeun paham “wihdatul wujud” (ngahijina Allah jeung manusa). Basa manéhna diéksekusi pati, Syéh Siti Jenar téh kungsi pok-pokan anu teu pantes jeung matak pikanyerieun. Laju pikeun ngemong murid-murid Syéh Siti Jenar, ahirna dijieun tradisi sedekah ku cara ngabagi-bagikeun kuéh apem ka tatangga.

Disawatara tempat lianna, utamana di kalawang Islam Sufiyah atawa di pondok-pondok pesantrén salaf. Dina jeroning bulan sapar téh, maranéhna disibukkeun ku kagiatan-kagiatan tirakat jeung sodakoh tepi ka bulan sapar lekasan. Laju dina acara pungkasna nyaéta dina poé rebo pamungkas di bulan sapar, maranéhna ngalakonan solat sunah hajat sangkan ditangtayungan Allah, dina sagala balai jeung musibah. Satuluyna maranéhna ngalakonan ritual mandi jeung nginum cai barokah atawa cai anu geus dido’akeun saméméhna. (http://irfanyudhistira.wordpress.com/2012/02/21/tradisi-masyarakat-jawa-pada- bulan-safar/)

Saparan: Panyinglar nu Lahir di Bulan Sapar

Béda jeung tempat lianna, di Bandung pernahna mah di Désa Geger Kalon Rt 04/Rw 05 Kacamatan Sukasari Kota Bandung, prak-prakan saparan téh kaitung basajan, sok sanajan dina enasna mah pikeun nyinglar balai, tapi saparan di ieu tempat mah dihususkeun pikeun jalma nu lahir dina bulan sapar. Lian ti éta, saparan di ieu tempat mah kaitung béda jeung saparan di daérah lianna. Ari anu ngabédakeun nyaéta lebah prak-pranana, anu geus kapangaruhan ku agama Islam. Lantaran éta saparan di ieu tempat mah kaitung saparan nu basajan, teu riweuh ngapem (nyieun apem, laju dibagikeun ka tatangga-tatangga)—saperti saparan di sawatara daérah di Majaléngka. Saparan di ieu tempat mah ukur ku cara ngariung di masjid laju ngaji surah Yasin babarengan jeung warga nu aya di éta tempat. Tapi anu matak béda deui

téh nyaéta dina pasualan fungsi saparan anu ajangkeuneun nyinglar sagala balai ka sakur jalma nu lahirna di bulan sapar, malah pikeun nyinglar balai téh, sakur jalma nu lahir di bulan sapar dipiharep ilubiung dina éta pangajian, sangkan sabada rérés pangajian maranéhna laju nginum cai anu saméméhna geus disadiakeun jeung geus dibéré du’a, mun henteu nya éta cai téh dibawa ku anggota kulawargana, sangkan ké di imahna diinum.

Cék Pa Yayat mah (Sesepuh Rt 04/Rw 05), saparan di ieu tempat téh geus jadi tradisi nu saban taun anu kudu dilaksanakeun, ari anu jadi dadasar pangna ieu tradisi tuluy-tumuluy dilaksanakeun téh lantaran kapercayaan masarakat anu nyebutkeun yén di bulan sapar téh, diturunkeun rupa-rupa panyakit. Kapercayaan saperti kitu ti irah jolna, bapa ogé kurang pati apal. Mung, pikeun nyinglar rupa-rupa panyakit, cék kolot baheula mah sok aya du’a tulak bala. Éta téh intina mah pikeun ngajaga urang tina balai. Istilah séjénna mah pikeun ménta ka Allah SWT. sangkan dina bulan sapar rupa-rupa panyakit anu diturunkeun sakitu lobana téh ulah tepi keuna ka urang. Sok sanajan dina enas-enasna mah miboga tujuan nu sarua nyéta pikeun nyinglar balai, tapi saparan di ieu tempat mah miboga tujuan séjén, nyaéta pikeun

ngeupeulan kaimanan, ku cara ngaji babarengan. Kitu cék Pa Yayat.

Prak-prakan Saparan

Saparan di ieu tempat téh éstu geus kapangaruhan ku agama Islam—sanajan kapangaruhan Islma, saparan di ieu tempat mah teu cara saparan di pasantrén. Éta hal témbong dina prak-prakan saparan nu diayakeun di ieu tempat, anu eusina pangajian. Anapon prak-prakanana dimimitian ku bubuka anu eusina minangka pamapag ti sesepuh lembur, ari anu ditepikeunana téh maksud jeung tujuan diayakeunana saparan nyaéta pikeun nyingkahan sagala rupa balai, panyakit anu diturunkeun di bulan sapar, anu leuwih dihusukeun pikeun nu lahiran dibulan sapar.

Sabada nepikeun maksud jeung tujuan, sesepuh nu mingpin saparan laju kirim- kirim du’a (ngagunakeun basa Sunda). runtuyan du’a téh dimimitian pikeun nu lahir dina bulan sapar, pikeun nu teu damang, pikeun sesepuh lembur, nu pamungkas pikeun sesepuh lembur nu geus taya dikieuna, laju ditéma ku hadiahan (anu saenyana sarua kirim-kirim du’a, mung maké basa Arab).

Nincak kana prak-prakan nu kadua, nyaéta inti tina ieu acara (saparan). Inti tina diayakeunana saparan téh nyaéta ngaji surah Yasin tilu balikan. Sabada maca surat Yasin tilu balikan, saparan dipungkas ku ngadu’a. Anapaon palaku dina ieu saparan téh nyaéta warga Désa Geger Kalon Rt 04/Rw 05 Kacamatan Sukasari Kota Bandung (kira-kira harita téh aya 20 urang), anu leuwih husus deui nyaéta kulawarga jeung sakur jalma nu lahir di bulan sapar. Lantaran dina ieu kagiatan téh basajan, nya pakakas anu diperlukeun dina ieu téh kaitung saeutik, di antarana Al-Qur’an jeung cai. Anapon cai di dieu acara téh lain baé ajangkeuneun pikeun nu ngaji, tapi ogé ajangkeuneun nu lahir dina bulan sapar. Saméméhna ieu cai téh disimpen ditengah- tengah riungan nu ngaji.

Hal séjén nu ngabédakeun saparan di ieu tempat téh nyaéta pasualan waktu prak-prakan anu teu kasungkered ku poé rebo atawa poé-poé séjénna, kitu deui teu kasungkered ku tanggal atawa minggu ka sabara pikeun waktu anu merenah dilaksanakeunana. Waktu prak-prakan di ieu tempat mah, bébas teu kakurung ku éta, anu penting mah pangajian téh dilaksanakeun di bulan sapar, pasualan poé, tanggal, atawa minggu teu jadi soal anu sakral. Anapon saparan dina taun ayeuna mah waktu prak-prakan téh tanggal opat sapar, maleman rebo.

Kacindekan

Mémang teu kacatetkeun jinekna kumaha kamekaran saparan di ieu désa téh, tapi nu sidik pasualan tradisi téh bisa waé robah kumaha kamekaran jaman jeung hal-hal nu mangaruhanana. Tapi sok sanajan kitu, ajén-ajén anu karep diudag dina prak-prakan saparan téh méh sarua baé, nyaéta pikeun nyinglar balai, mung di ieu tempat mah ku cara ngadua jeung ngaji babarengan, nya ku cara éta ogé kaimanan urang téh bisa nambahan.